Monday 14 January 2013

Biantara, Dongeng, dan Sajak Bahasa Sunda


BIANTARA

Assalamu'alaikum Wr. Wb

Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan.

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal hareupan sareng cita-cita.

Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.


teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.


Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.


Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..



Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.


Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.


Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.


Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb



DONGENG

Sakadang kuya jeung sakadang monyet.


Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?”
Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.
“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna.
Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah dipikarunya.
“Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh milik kami?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto.


SAJAK

Janari Katompernakeun


Peuting tadi taya hujan nu marengan sawangan.
ukur aya  kalakay  ragrag jeung angin nu niupkeun salempang.
wanci janari nu katompernakeun pikir kumalayang neangan harepen
nu can tangtu iraha ngwujud kanyataan.
kanyaah jeung ka tresna
masih kalindih halimun.
Satungkebing langit salega jagad nyaksi ngajadi hiji



Download disini!

0 komentar:

Post a Comment

Silakan tuangkan aspirasi Anda!